Basa bulan di langit tinggal saparapat
Aya waleran ngagantung teu kungsi parat
Naha kunaon anjeun bet ngarasa pegat
Padahal urang nyantél duriat?
Naha kadeudeuh bisa unggut kalinduan?
Naha kaasih bisa gedag kaanginan?
Ngarasa leungiteun panutan pamuntangan
Pédah paanggang mangbulan-bulan
Cinta nu sajati moal pupus ku jarak (pupus ku jarak)
Cinta nu sajati moal pupus ku waktu (pupus ku waktu)
Naha luas anjeun narima nu lian?
Geura reureuh ngabohongan diri
Badé ka saha? (Ah, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Ulah nyiksa ka duanana (terbagi rasa)
Badé ka saha? (Moal, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Ulah hianat ka duanana (terbagi dua)
Badé ka saha? (Ah, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Ulah téga ngulinkeun rasa (terbagi rasa)
Badé ka saha? (Moal, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Anu sajati, nu mawa bagja
Naha kadeudeuh bisa unggut kalinduan?
Naha kaasih bisa gedag kaanginan?
Ngarasa leungiteun panutan pamuntangan
Pédah paanggang mangbulan-bulan
Cinta nu sajati moal pupus ku jarak (pupus ku jarak)
Cinta nu sajati moal pupus ku waktu (pupus ku waktu)
Naha luas anjeun narima nu lian?
Geura reureuh ngabohongan diri
Badé ka saha? (Ah, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Ulah nyiksa ka duanana (terbagi rasa)
Badé ka saha? (Moal, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Ulah hianat ka duanana (terbagi dua)
Badé ka saha? (Ah, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Ulah téga ngulinkeun rasa (terbagi rasa)
Badé ka saha? (Moal, aku terjebak)
Badé nu mana? (Dan dilema)
Anu sajati, nu mawa bagja